Ringkasan Carpon "Béntang Lapang"
NGANALISIS CARPON
Judul : Bentang Lapang
Karangan : RAF
Sumber : https://kumeokmemehdipacok.blogspot.com/2017/05/carpon-sunda-karangan-r-f-bentang-lapang.html
Pangling pisan cenah nénjo Kadir teh. Kitu ceuk hiji batur kuring nu geus lila ninggalkeun lembur, pindah ka kota séjén. Pangahirna nénjo Kadir maén téh baréto basa mémèh cilaka. Nyaho éta budak ngaringkuk dirumah sakit ogé ceunah ukur ceuk béja baé wungkul. Ari ayeuna, sataun ti sangges Kadir maén bal deui kalawan enya-enya diasuh ku Basri. Manéhna lalajo, pangling pisan pokona. Geus pohara majuna budak téh. Ayeuna mah enyaan geus méh asak ceunah budak téh.
Lain wungkul dina harti tehknik maen bal, atawa dina widang pangabisa pribadi cenah katembongan maju na Kadir teh, tapi jeung dina paningalna kana permaénan sagemblengna ditengah lapangan. Geus bisa nuduhkeun kumaha kuduna. Geus bisa maca permaénan. Da henteu unggal béntang lapangan nyaho kana permaénan sagemblengna aya nu ngan ukur nyaho kana maén sorangan wungkul, bari teu boga paningal kana sagemblengna nu kajadian.
Geus bisa Kadir téh kana kitu mah. Maksud téh kana nénjo sagemblengna. Ku kitu na, manèhna tèh lain ngan geus bisa maèn mandiri wungkul, henteu gumantung teuing ka batur, tapi oge jeung bangun geus bisa dipercaya jadi tugu deui, jadi lulugu pikeun baturna. Dalah pikeun pamaen nu umurna saluhureunnana oge seperti Adang, Arifin atawa Hanafi. Manehna jigana geus jadi nu bisa dituturkeun.
Jeung Kacida kacirina deuih cenah, tapak latihan Basri tèh da meni siga klise, Basri atuh ceunah maénna oge. Ngan bedana teh ieu mah kulantaran awak na leuwih lampayat. Jadi manehna leuwih cepet tibatan guruna. Dina lebah gerakkan-gerakkan tipu jeung lebah nyusul kana sela-sela pertahanan musuh nu katènjo leuwih Basri tèh.
Pangabisa Basri anu henteu, atawa bisa jadi acan kasusul ku Kadir tèh ngan dina lebah kapastian nyitak gol jeung dina merenahkeun mèrè bal sodoran wungkul, bisa jadi ari perkara kapastian nyitak gol mah bakal tèrèh-tèrèh katepi kabisa Basri tèh.

UNSUR INTRINSIK CARPON
Tema : Jalma anu giat belajar pasti bakalan sukses kahareupna
Galur : Maju
Panokohan : Kadir : Pantang nyerah sa acan bisa bal, pinter maen bal
Basri : optimis, bageur
Latar : Tempat : Lapangan bal
Waktu : Beurang
Suasana : Rame
Amanat : "Tong nyerah amun impian can kacapai, karna kabeh ge butuh proses. Berusaha terus tepikeun ka urang bisa. Jeung tong kapok neangan pangalaman anyar."
Komentar
Posting Komentar